Seruna ulin manggal (mainan gangsing tradisional kayu)
Seruna ulin manggal (mainan gangsing tradisional kayu)
Timimiti ramena aplikasi smartphone jeung lobana kaulinan dina komputer, mangka kaulinan baheula (tradisional) geus loga di popohokeun, padahal lamun di cobaan teu kaelehkeun ramena ku kaulinan nu mantak rieut sirah, atawa nu mantak ngaruksak titingalian, jeung efek sejen-sejena deui. Kaulinan panggal lamun dihirupan deui asa loba manfaatna; salain rame-rame jeung babaturan, manggal leuwih sehat, sabab ngaluarkeun tanaga sahingga bisa jadi kagiatan olahraga. salianti kitu oge manggal bisa pikeun ngalatih mental, kumaha urang ulin bisa meunang, nahan emosi, nahan ambih teu gampang kasinggung jeung nusejena, kadang-kadang langsung eleh, oge berjuang kumaha carana bisa aya di posisi nu dianggap paling luhur.
Panggal nyaeta hiji kaulinan nu di reka tina tangkal kai, Ukuran panggal nyaimbangkeun kana ukuran betahna nu rek ngagunakeun kana eta panggal; biasana saukuran diameter 4-6 cm panjang na sakira 8 - 10 cm.
Pikeun ulin nu leuwih seru, tiap tungtung panggal, naha tungtung hulu panggal …