بِسْمِ اللهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
(فَصْلٌ فِي مَخَارِجُ الْحُرُوفِ وَالصِّفَاتِ)
إِعْلَمْ اَنَّ كُلَّ حَرْفٍ مِنْ حُرُوفِ الْهِجَائِيَّةِ لَهٗ مَخْرَجٌ وَلَقَبٌ وَصِفَاتٌ مُخْتَصَةٌ بِهٖ فَقَدْ تَقَدَّمَ ذِكْرُهَا مُجْمَلَةً
Kanyahokeun ku aranjeun, yen saenyana setiap-tiap huruf tina pirang-pirang huruf hijaiyah eta ngabogaan tempat kaluar na, ngabogaan sebutan, jeung sipat anu ditangtukeun. Anu rek di bahas secara ringkes
وَالْمَقْصُوْدُ هُنَا ذِكْرُهَا مُفَصِّلَةً فَتَقُوْلُ
Jeung ari anu di maksud didiyeu, nyaeta rek nerangkeun kalawan rinci, pek ucapkeun:
(ء - حرف الهمزة)
اَلْهَمْزَةُ حَرْفٌ حَلْقِيٌّ لِخُرُوْجِهٖ مِنْ اَقْصَى الْحَلْقِ مِمَّا يَلِي الصَّدْرِ، وَلَهُ خَمْسُ صِفَاةٍ؛ وَهِيَ اَلْجَهْرُ وَالشِّدَّةُ وَالْاِسْتِفَالُ وَالْاِنْفِتَاحُ وَالْاِصْمَاتُ
Ari huruf Hamzah eta harap huruf genggerong sabab keluarna eta hamzah teh tina puhu genggerong anu karaos (ngageter) kana dada, Hamzah disifatkan ku 5 sifat, nyaeta:
- (جَهر) Zahar
- (شِدَّه)Syiddah
- (إِسْتِفَال)istifal
- (إِنْفِتَاح) Infitah serta
- (إصْمَات) Ismat
(قَالَ النَّظَم)
لِهَمْزِ جَهْرٌ وَاسْتِفَالٌ ثَبَتَا # فَتْحٌ وَشِدَّةٌ وَصَمْتٌ يَا فَتٰى
Pikeun hamzah eta aya lima sifat # Zahar, istifal, Infitah, Syiddah, Ishmat
(ب - حرف الباء)
اَلْبَاءُ حَرْفٌ شَفَوِيٌّ لِخُرُوْجِهِ مِنْ بَيْنَ الشَّفَتَيْنِ مَعَ اِنْطِبَاقِهِمَا؛ وَلَهٗ سِتُّ صِفَةٍ وَهِيَ اَلجَّهْرُ، وَالشِّدَةُ، وَالْاِسْتِفَالُ، وَالْاِنْفِتَاحُ، وَالْاِذْلَاقُ، وَالْقَلْقَلَةُ
Ari huruf “ba” teh nyaeta huruf bangsa biwir dua, sabab eta huruf ba kaluarna ti antara biwir dua, sarta bari nutup eta biwir dua (dibalemkeun). Huruf “ba” di sifatan ku genep sifat, nyaeta:
- Zahar,
- Syiddah,
- Istifal,
- Infitah,
- Idzlaq,
- Qolqolah
(قَالَ النَّظَم)
لِلْبَاءِ فَتْحٌ شِدَّهٌ تَسَفُلُ # ذَلَاقَةٌ جَهْرٌ كَذَا تَقَلْقَلُ
Sifat pikeun “ba” genep: Iinfitah Syiddah # Zahar, Istifal, Idzlaq reujeung qolqolah
(Bersambung ... )